Kafir


Papatah kolot:

*KAFIR*



Kafir lain Walanda Cina,
Kafir teh nu jahat atina,
Nu ngumbar bae nafsuna,
Kanu goreng taya pegatna.

Jalan jahat mah babari,
Jalan hade rasana nyeri,
Elmu teh kudu pilari,
Nuduhkeun jalan lastari


kafir

*NGENTEUNG HASEUP NU KAMARI*

Naon nu kajadian kamari,
ulah dugi ka karandapan deui,
bahkan dipantrang ngancik na diri,
cara kapamalian ti nini aki..

Nu kamari matak keueung matak keri,
nagari ngiruh ku haseup korsi nujadi rebutan,
Ku muihna haditsul ifki, agitasi jeung provokasi
Ku motahna pacengkadan, papaseaan jeung perpecahan

(Y) Suka pabaur jeung duka
Asih pacampur jeung sedih
Cangreud pageuh deui tali baraya..
Bhinneka Tunggal Ika nu diperedih..

diposting oleh Adam Q. Kosasih Natsir

Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url